| Forum Home > Ngadu bako > Kolecer (Kaulinan barudak) | ||
|---|---|---|
|
Rudi Baskoro Site Owner Posts: 6 |
Kongkorongokna hayam ti pipir imah geus nandaan urang lembur kuring teh sina harudang, hawar2 sora nu adan ngageroan ka nu masih salare sina geura indit ka masjid atawa langgar pikeun ngalaksanakeun kawajiban solat subuh. di goah geus mulek ku haseup pun ibu keur ngejo nyiapkeun kadahareun pikeun sarapan isuk oge bawaaeun sangu keur ka sawah. Singhoreng ayeuna teh mangsa keur koneng pare keur meujeuhna loba manuk piit di sawah teh. matapoe geus nembus kana sela2 dingding awi nu geus lila can di ganti, haseup nu katojo miluan ngajak oyag simkuring sina incah. Poe ahad harita teh pun ibu jeung bapak rek ka sawah cenah rek ngala pare syarat keur ngke peuting rek ngarosulkeun mun cek urang lembur mah nyalin. simkuring teu cicingeun ngingkrig nuturkeun pun ibu jeung bapak bari ngajingjing bedog leutik nu teu di sarangkaan. Dipaleubah rungkun awi kebon sorangan pun bapak mah ngala awi nu geus garing terus di potong geus kitu mah di bawa ku bapak ka sawah. "pa kangge naon eta awi teh " sim kuring nanya bari kerung, pun bapak bari ngecagkeun awi di pipir saung terus ngajawab "tah jang ieu ngke urang coang nyiuen kolecer". Kolecer teh salah sahiji kaulinan barudak di lembur ari bahan na mah macem macem aya tina awi, kai, atawa baralak daun kalapa. Bentukna na mah meh rek sarua ngan nu beda teh baling balingna aya nu dua, tilu atawa opat. sapug bapak netrek nyiun kolecer teh simkuring oge teu cicingeun milu ngarewong nya kitu nurutan nyieun kolecer oge pedah simkuring mah nyieuna nu leutik. ari pun bapak mah nyieun kolecer sote aya gunana nyaeta keur ngararame di sawah pedah di tukangna sok make tampolong, tah tampolong teh jadi kasada sabab ka tabeuh ku paku nu di talikeun kana cocolok kolecer, pas keur ngeuning teh paku miluan muter nu antukna nabeuhan tampolong. ari gunana mah keur ngusir manuk piit nu sok meakeun pare di sawah nu keur koneng. simkuring mah nyieun nu leutik pikeun di bawa ka imah di pasang di tukangeun imah angina gede dekeuteun paranje. pipireun imah nini surwi bari naek kana tangkal cengkeh sok resep ningali kolecer ngening nu nang nyieun sorangan. tah mun keur mangsa halodo jeung angina gede sok pahade2 nyieun kolecer unggal imah patembalan. Sapertos kolecer nu masih ngening hirup urang oge kitu ayeuna mah keur ngening jauh ti goah nyawang paranje nu geus kosong kari suluh nu numpuk ampihaneun. | |
--
| ||
|
Asep SYAEFULLOH Member Posts: 2 |
kolecer bro, deket imah dewek aya keneh euy, nang nyien mang Watim, ngelik we unggal wanci eweh ka cape. ditangtungkena deket ciereng pan kajojopisan tah ku angin, sa kapeng mah sok nga geber...kuik..kuik..kuik.......wee...rrr! ari nang nyien dewek mah sok make tampolong susu, pake paku noroktok we sadananateh, he he!
| |
| ||
|
rahmat Member Posts: 2 |
Mang Asep ari ciereng teh palih mana nya? poho pisan padahal mun teu salah tempat urang ngusep basa pulang ti sakola.tapi naha tepi ka poho pisan ayena mah.lila teiung nyaba di dayeuh batur meureun nya mang? | |
| ||